Carpon Sunda,Nu baramaen !

Carpon Sunda,Nu baramaen ! Nya , sagala rupa ge alatan teu aya, tuna atawa euweuh pagawean lianna , anu balukarna , gening sok katingali ku urang, lobana anu baramaena alias anu menta – menta, loba rupana anu menta – menta ge ! wah lamun di tataan mah  panjaa..ng dak !

Balik deui kanu baramaen tea, na ari kitu salah hanteu nya ? he he puguh uing ge keur mikiran ieu teh , salah jeung hanteu mah , mungguhing sipat jalma, salah sahijina moal aya di luhur wae atawa aya dina kajayaan sarta kuma pamadegan sewang – sewangan .

Anapon kuring nanya kadiri ? naha nya bet loba anu baramaen ? jeung enyana , ari nanya ka ente mah sok sieun magarkeun kuring nyindiran atuh Ok ! ceuk kuring ka si Bawok, enya da aya manehna harita teh, samalah mah manehna ge nyarita “ Muhun mang Ja’i uing ge helok he he da rarasaan mah di nagari urang , moal asa kasusahannya, lamun di bandingkeun jeung di nagara deungeun.

Kuring asa kaingetan ku caritaan si Bawok , kade make hurup “W” bisi hartina jadi beda nya dak ! naha kumaha kitu mang ? enya , cenah sarta reujeung enyana di nagara urang mah subur makmur, da ku sainget emang ieu mah  nancebkeun pangpung ge asal baseuh jadi ! teu kudu hese eta teh, kadang emang ge sok asa kurang nyukuran kana nikmat hirup di ieu nagari anu ku urang di pikacinta  jeung lemah cai anu masagi teh !

Si bawok ge nyerengeh, heueuh meureun, asa kapake tah caritaanmanehna teh ku uing ! he he enya da jang , ari elmu mu mah teu mungguh ti budak karek berejel ceuk paribasana mah, tetep wae gancang ampihan ari sakira hade sarta manpaat mah, kitu lain ?  jawab atuh , laiii..n ! he he atah adol !

Nu Baramaen

Hampura , bisi emang salah nyebut, da gening aya nu leuwih palinter, benerkeun wae ari salah mah nya, kudu silih elingan teh lain ku cara ini itu, bahasa ge teu nanaon bisi salah silih benerkeun !

Tah, carita anu tadi, kumaha tah anu baramaen teh ? he he hayang seuri sarta hookeun puguhing emang mah jang, sabana mah , asa ku araraheng jaman kiwari mah, kieu gera” jaman beheula mah , anu baramaen teh, jalma anu tuna alias jalma anu memang taya kaboga, nya pantes manehna jadi tukang menta – menta , da geningan , kasab teu boga, harta sumawona, kaahlian da kumaha teu sakola , geus teu boga salaki alias randa bari geus kolot, kadang teu boga anak anu gurus manehna, pokona mah nyurup wae lamun di tanya “ Ku naon anjeun jadi tukang baramaen atawa menta – menta teh samalah mah aya cirina tukang baramaen baheula mah nya Ok ? kuring nanya ka si Bawok anu molohok, moal kitu kudu di popok ! malah manehna malik nanya, teu ngarti ! cenah “ Naha kudu bari boga ciri, naon cirina teh mang ? tanyana .

Nu baramaen, boga ciri kitu ?

Enya Ok, cirina baheula mah , hiji, ieu ge lamun teu salah Ok, biasana mah kolot anu katingalina teh taya daya, rempo ah,matak pikarunyaeun wae . “ Terus naon deui tah mang ciri lainna ? si Bawok panasaran “ mangke heula atuh Ok , di bayar hanteu ngadongeng teh , atuh nginum – nginum heula emang  teh” ceuk kuring , ngarongkong gelas anu dieusi cai kopi anu ampir saat, lumayanlah, nu penting mah lain hasil baramaen wae he he .

Nu kadua ciri , kunaon jalma jadi tukang baramaen ? nyaeta biasana mah boga kakurangan tina awakna, samisal cacat panon, suku jeung lian – lianna anu nyata katingali sarta pikarunyaeun anu nempona ! si Bawok unggut – unggutan , pokna “ Enya nya mang , kaharti sarta payus jadi tukang baramaen ge ari kitu mah”.

Kumaha tah , mun di bandingkeun tukang baramaen baheula jeung ayeuna ? ah asa tojai’ah atawa asa jararauh tina ciri anu tadi ge, sok sanajan masih aya anu saperti di sebutkeun saperti ciri anu tadi tea, kalolobaanana, ayeunamah..kuring eureun heula, ningali gelas kopi geus saat pisan, ah bae teu kudu jadi tukang baramaen nya? mending wae qonaah alias narimakeun da memang gelas kopi geus saat, era punta – penta ge, deuleu gera sakeudeung deui ge ujug – ujug aya anu mangmawakeun kopi, ajaib ! he he siga nu enya he he.

Enya atuh da jang , saperti ajaibna anu jadi tukang baramaen jaman kiwari, “loba warta “ salah saurang tukang baramaen di amankeun patugas kaamanan , alatan mawa duit na kardus anu eusina puluhan juta ! he he reuwas kuring ge Ok ! si Bawok seuri, enya atuda kuring nyarita kitu teh bari niru – niru tukang maca warta berita na televisi “ he he  si Bawok seuri, jempolna di acungkeun “ Hebat, pantes pisan mang ! basana, kuring ge seuri , kutan kitu Ok hade mun kuring mawakan berita ? tanya teh.

Si bawok seuri “ Uh mang , payus pisan he he ngan maca warta beritana sisi cai handapeun kai he he ! manehna seuri. “ Ah ilaing mah Ok, sugan teh bener, boro rek daptar jadi tukang mawa acara warta berita, cekeng teh, heureuy jang ! Terus kumaha deui tah mang ? tanya si Bawok.

Ari ayeuna, tukang baramaen teh saperti lahan anu subur jeung lain keur jalma anu memang cacat atawa rempo saperti anu di sebutkeun tadi, he he, hayang seuri samalah emang mah jang, anu baramaen ayeuna mah sok niru – niru jalma cacat, he he na atuh ari aya patugas katartiban  eta lumpatna jang , ngabelesat siga paser, he he emang ge nepi ka hookeun atuda !

Sabana mah , da saacan aya patugas katartiban mah , heueuh emag ge kadeoh, diuk sisi jalan , heueuh pikarunyaeun cekeng teh, di tingali sukuna siga anu buntung di bulenku perban “ ah, karunya temen gusti, antukna emang boga duit duarebu jang meuli cendol ge di bikeun wae ka manehna da banget ku teu werat ningali kaayanana.

Ari ningali kitu mah , he he emang ge rada kutuk gendeng” Si atah adol ! ceuk emang teh asa ku banget di bobodo, emang mah karunya eh ternyata manehna teh taya cacat na awakna, heueuh bari seuri emang ge ningali lumpat anu ti paparatit da sieun di tangkep patugas katartiban tea meureun , suku  anu tadi di rengkolkeun supaya katingali siga anu buntung teh , tembong beleger taya cacat “ Ah teu jadi wae hayang cendol teh” ceuk pikiran mang teh jang, harita mah ngalengkah wae suku teh, bari karasa tikoro tuhureun da meureun teu jadi nginum.

Eta sawarehna anu jadi tukang baramaen jaman kiwari, sok padahalmah nya jang, boga pangarti saeutik ge, pek gunakeun , pek amalkeun ! insya allah bakal ngajadi rijki , moal baramaen teuing , hookeun emang ge cenah ceuk warta , jaman ayeuna mah aya tukang baramaen tingkat tinggi ! ah , naon jeung kumaha nya, saha sarta di mana ?

Tapi ceuk beja eta ge Ok ! nu kumaha jeug saha sahana mah emang ge can apal, hayu wae urang pada nanya diri, saha jeung ku cara kumaha baramaenna ? ayeuna mah mending ngopi , ikmat gera ! cekeng teh ka si bawok “ apanan seep kopina mang ? tanyana rada heran, Kuring seuri” He he matak ge rikat atuh panon teh , tuh nyai ucrit mangmawakeun kopi jeung lalawuhna ! ceuk kuring, curuk nunjuk ka nyai ucrit anu nyerengeh “ Ieu mang , mangga leueut ! pokna, si Baok molohok, enya da saingetna kuring teu kamana – mana enya ngobrol jeung manehna, he he sigana aya na pikiran manehna meureun,” Moal mang ja’i teh sakti ? he he , moal kajudiatuh da , bari ngobrol kuring pesen kopi ka nyai ucrit ! he he bisa da di sms ku emang , nya tanpa melangkah pun datang, sakti apanan, he he ngan hanteu ari baramaen mah , da isuk ge di bayar !

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *