Carpon Sunda Si Ucing

Carpon Sunda Si ucing, Heueuh matak ge, ayana carita reujeung beja teh gening saenyana matak ngaramekeun dunya, he he sok wae agan tingal gera, loba warta dimana – mana he he rame dunya teh apanan ?

Katurug –turug deuih , di alam pasundaan mah sok aya hal – hal anu lucu, enya  ! sok aya lalandihan tea geningan, imam jadi ifut, tedi jadi komo jeung saterusna, duka kumaha mimitina eta teh, jol aya wae lalandihan teh, he he malah nerap jeung leuwih kasohor daripada ngaran aslina , ah kutan teh !

Cara si ucing eta geningan ! mun nilik kana ngaran aslina mah atuh da moal pada harookeun, samalah meureun nyangkana ge turunan ningrat alias darah biru, he he aya kitu gan anu darahna biru, asa can nempo kuring mah !

Bisi can apal samalah teu apal ka ngaran aslina si ucing mah, tah ngaran aslina teh Raden Surya Wiganda ! uluh – uluh ni gagah gening ngaran asli si ucing teh enya mun kitu mah manehna teh aya teureuh ningrat meureunan.

Teuing atuh turunan ningrat lainna mah, da gening aya bahasa ngaran mah teu kudu meuli cara roko jeung kopi, borojol budak di jurukeun, di adzanan terus di ngaranan pan enteng ari kitu ? samalah mah ngaran anu tadina sakral ge geus pabalatak ayeuna mah, duka anu mana nu benerna turunan ningratna, keun bae da bebas ngaran mah lin ?

Si ucing

Balik deui ka si ucing, jadi hayang nyaho kuring mah asal muasalna si raden di landih meong teh, he he soalna asa ku jararauh pan tina raden jadi ucing ! Si Use anu kitu teh , cenah mah hiji waktu Si Use menta anter ka si meong, harita mah can di landih si ucing , masih Raden harita mah, terus ?

Si Use rek nganjang ka bebenena, haget si raden ngaenyakeun “ He he hayu se, sugan wae aya baladna bebene ente teh ! pokna sumanget pisan . Si Use seuri “ Okeh raden urang ngajalankeun peribahasa wae atu” Sambil menyelam minum air tea pan ? bari nganter dewek ente manggih bebene he he “ ceuk si Use. “ Siap komandan ! tembal si meong haget “ Tapi tong loba  atawa lila teuing nyelamna euy , nanti tenggelam ha ha pokna deui bari ngabalakatak, si Use nyerengeh.

Singkat carita, maranehna geus aya di imah bebene si use tea, nya jaman harita mah da balageur keneh para orang tua teh , alias nggak memandang harta ( Teuing ) nu penting asup ka imah bari rek bener, udah , jadi deh ! si use melong ka si ucing anu harita masih raden keneh, sok – sok raden ngopi tah , sagala aya mangkaning ! pokna.

Si raden rada ngelemes , era sigana he he bongan hareupeunana aya bebene si use jeung indungna , aya wajit, ulen, geus puguh kopi jeung roko mah dak, samalah aya kueh kaleng anu jaman harita mah arang langka keneh, yah, jika ada calon mantu, apapun di asongkeun alias di bikeun, aya ku ngeunah nya dak !

Mangga , mangga ! tembal si raden, beungeutna bareureum  da si indung bebene si use ngahempek – hempek wae, basana teh da moal di tagih di jalan cenah he he enya kitu ? bari cengkat basana teh rek leleson heula .

Enya abi ge , bade ibak heula ! bari indit ninggalkeun si use jeung si raden, raden sok ngopi euy, ngenah gera, ceuk si use bari nyokot ulen, panonna melong ka tengah imah, am ngahuapkeun ulen ! na ari gawawak teh, “ Atah adol cenah ! si raden reuwaseun “ aya naon se ? tanyana di tengah imah kadenge indung bebene si use tumanya asa reuwas meureun, si use mere isarat ka si raden , ku nempelkeun curuk na biwir alias jempe” Teu aya nanaon bu ! pokna.

Si raden panasaran” Ku naon ente se, aya naon tadi teh  ? tanya si raen bari melong si use, si raden ngarenyu, heueuh hayang seuri ningali biwir si use lamokot ku calacah roko ! paingan atuh ! ceuk pikir si raden.

Ku naon kitu gan ? he he enya basa si use nyokot ulen, da kabiasaan manehna mah sok di anclomkeun kana cai kopi, panyana na mah heueuh asup kana gelas kopi col rarasan teh di cocolkeu n, nikmat jang ceuk pikir si use ,  ari teun salah tempat da eta hayang gera bebene datang deui ! he he puguh rek mandi ambeh seger jeung wangi , ah maklum teu sabar tea dak, nu akhirna ulen anu di wawas nikmat jeung cai kopi te h di anclomkeun kana wadah calacah, atuh puguh wae ari am, kenapa rasanya ginih yah ? nu akhirna mah yah, ngagarawak tea, mangka dadaharan teh tong sok bari ngalamun nya !

Ngehkey tah si raden seurina teh, eta ge bari rada di pengkek, ngan cimata wae rambay, da kitu gening kaliwatan sedih cirambay mata teh, kaliwatan bungah sami mawon, ah dasar !

Si Raden Jadi ucing

Si use ngagebes,” Megeus raden, lain kadua karunya ka uing teh, dahar ulen jadi calacah euy, bari tetep seuri leutik si use teh, inget kana kalakuan meureun. Sayah rek ngilu kacai nya, ente dagoan ceuksi use, geus kajudi ku si raden ge , meureun si use teh rek cuci muka nu ramehong “ enya se, sok atuh ! jawabna . Si use ngaleos indit.

Sepi, dahareun pabalatak, beuteung rada ngurubuk , jaba wanci maju ka maghrib, si raden luak – lieuk, weuh sasaha ah, sekarang menikmatinya, bari leungeunna ngarongkong ulen, gep sakali dua di entep pindang, am .. camuil katingali biwirna ampul – ampulan, beak, entep pindang deui ! he he kutan kitu ? reuwas soteh bane wae ulen ngan gajentul tinggal sasiki, duh era yeuh ulen nepi ka peren kieu ! pikirna , geus kabayang era parada, ari di hempekeun hanteu , ari ayeuna ? kumaha kudu ngekolna nya  ( Ngabohong  miceun salasah).

Kuma engke , kagok panonna ngareret kana kueh kaleng , cokot terus di buka, he he sugan teh rek siga tadi entep pindang tuluy asup kana sungut ari taeun teh ? he he matak pinuji puguh ge ari si raden,  singhoreng kueh teh di asupkeun kana saku jeket anu lumayan gede, burulr – burulu di asupkeun, pikirna , moal katohiyan da teu kaciri kurang atawa leuwih eusi kaleng mah .

Teu lila adzan, si use haget ngilu kacai, shalat  ges beres norojol bari pokna , geus ngopi teh raden ? panonna melong kana meja anu rarasaan si use mah da tadi mah mundel keneh dahareun teh. Ari ayeuna ?ulen tinggal sasiki, ranginang lumayan nyesa tilu, cikopi geus saat, teu nanya gek diuk da teu kungsi lila indungna bebene jeung bebene si use samalahmah bapana ge sing tarorojol, bari pokna “ Ujang tuang atuh, karunya bilih lapar, melong ka si raden anuera parada, asana mah katohiyan manehna meakeun kadaharan anu di suguhkeun pribumi teh.

Wios bu da bade uih, juru panonna ngareret si use “ Muhun bu, si use ngarti, abdi bade pamit “ pokna pamitan jrut wae tarurun di jalan pangangguran si use tumanya “ he he dahareun teh beak ku ente raden ? tanyana bari seuri. “ Henteu se , tadi aya  ucing asup lapareun , nya ku uing teh di bikeun, sanajan reyem – reyem tapi katingali beungeut si raden bareureum era parada. Si use nyakakak “ ha ha alus kitu mah , kamana ucing na ayeuna ? rada rehe sakeudeung “ Pan uing ucingna teh se ! cakakak duanana sing carakaka, enya inget kan apolah anu tadi “ enya raden uing mah dahar ulen jadi calacah , he he ari ente mah manga – mangga terus jadi ucing , duanana sing carakakak

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *