Carpon Sunda budak ayeuna !

Carpon sunda budak ayeuna ! Renggenekna imah anu pahibut, ngajadikeun renyekna budak, yakitu tea , na hiji cikal bakal jadi sababaraha tunas, jeung geus ilahar lain, hiji awewe atawa lalaki boga katurunan !

Kitu deui jeung kahirupan, loba rupana, geura urang tataan, kahirupan budak leutik anu matak pikalucueun geningan, oa oa-an , di ajar nangtung sarta baceo , ah asa ku lucu kacida ari budak nya ?

Maju teh ka mangsa rumaja, he he budak teh pikalucueun deui, ngan rada beda lucuna geus gede jeung lucu budak, ari lucuna budakmah geningan matak resep, samalah mah sok di papangku, sanajan kadang kalih sok mapangan gening, eh teu ambek , keukeuh wae urang teh seuri.

Si Sinta

Tah kitu carita si sinta ge, ayeuna geus rumaja, he he nyakitu ari budak riumaja mah keur meujeuhna hayang ulin, resep atuh da karasa ku sarerea, mangsa anu karasa pang endahna salama hirup lain ?

Harita pasosore, he he hayang seuri asalna mah ningali barudak anu keur meujeuhna tumuwuh rumaja, irid –iridan jeung babaturanana, samalah mah ku uing ge di heureuyan, ulah nyangka nu lain – lain nya ! ngaheureuyan kieu “ Tong selfie di imah butut atuh ! bari seuri uing ge.

Da, enyana, jaman kiwari mah rupa – rupa hal , yah, biasa ari datangna mah tianu palinter alias ti barat tea ! aya selfie geningan ayeuna mah, teung nanahaon da kuring mah urang kampung, panyangka teh ari selfie teh ngaran jalma.

Ari di sidik – sidik geningan lain ? he he dasar atuh uing rumasa jang ! gening selfie teh popotoan lamun ceuk bahasa sunda atawa bahasa urang na mah ! heueuh da gaya teh ku make bahasa deungeun atuh, jadi wae kuring hemeng naon ari selfie teh .

Di sampeurkeun harita teh, ari basana, bae atuh da teu naanon, tah ayeuna mah malik popotoan atawa selfie na teh kasawah anu keur hejo ngemploh, tah lumayan pantes ari kitu mah, dak ! cekeng teh.

Rumaja jeung kahayangna

Manehna nanya, keur naon cenah ? kuring nyerengeh, bari pok” he he ningali wae atuh anu keur ulin teu meunang kitu ? he he “ kuring seuri deui. Kumaha tah nalika ku kuring di tanya kabogoh, he he hayang seuri ngadenge jawabana na teh, enya abong budak ceuk gerentes teh , ari jawabna teh” Mang , pokna “ Urang mah hayang boga kabogoh teh anu kasep ! cenah, kuring unggeuk” Terus ? tanya teh.

Enya siga “si Boy anak jalanan “ tea geningan, kasep terus kaya lagi ! pokna. Kuring unggut – unggutan, ngaenyakeun, keun wae da kahayang mah teu di larang, ulah soteh aya kahayang bari ngalakukeun jalan terlarang, baru nggak boleh nya bang ?

Enya atuh, kuma dinya wae ! pok teh “ Ngan mangka hade nya, ulah milih karana kasep atawa beungharna, bisi jeung osok kabobodo, loba conto geningan Sinta “ kuring rada mapagahan harita mah, yah lumayan atuh, jadi guru hanteu uing teh , atuh jadi – jadi guru jalanan alias freelance, lumayan sanajan teu aya anu mayar ge, keun wae !

Manehna seuri, baturna nyalampeurkeun bari puk –pok naranya, hayang nyaho meureunan. Kumaha kitu mang ? saur manuk nanya na ge dak ! enya , tong serab ku haliah dunya mata teh, he he bari seuri kuring neruskeun deui caritaan “ wajar aya kahayang mah, ngan ieu syaratna, kuring eureun heula, keun ambeh panasaran, ceuk hate teh, “ Buru atuh mang , naon syaratna ? barudak naranya deui.

Kieu, hiji aya kahayang mah da manusa, pek ingetkeun sarta pake tanda centang meh teu poho, da manusa mah hirup anu geus tinangtu bakal di bere kahayang, he he da anu euweuh kahayang mah sigana ngan ukur mayit nya he he.

Kadua , manusa mah boga bener jeung salah, eta ge pek wae ku aranjeun pilih, ngan meureun tiap pilihan ge bakal sarta pasti ngandung resikona, mun aranjeun siap kana resiko anu di kandung tina pilihan anu ku aranjeun di pilih , eta mah tanggung jawab sewang – sewangan.

Katilu, mikabogoh teh tong aya karana, ceuk bahasa barudak na percintaan mah “ Cinta sajati “ mikacinta teh lain karana kasepna, dunyana kapangkatanana atawa hal – hal anu aya sarta leuwih anu aya ti anu ku urang di pikabogoh ! jempe tah barudak teh jang” he he lain molohok, ngarti teu ? tanya teh . saur manuk ngajawab “ Ngartii ! cenah , he he asa jadi si cepot lalawakan hari ta mah.

Nu di sebut mikabogoh lalaki atawa awewe teh , nyaeta mikabogoh ku agaman, akhlakna alias kalakuanana anu hade,  tanggung jawabna, sarta sopan santunna’ si Krista nyarita, pok na teh “ Atuh ari kitu mah sangsara engkena ? kuring nyerengeh, seuri bari pok” Enya alus maneh krista tumanya kitu, tapi lamun di bandingkeun gera sok ku aranjeun bandingkeun.

Urang mikabogoh anu kaya, si Oong misalkeun, tapi tah si Oong teh teu baleg kalakuanana, naon anu bakal karasa tah ? barudak kaciri malikir bari pokna “ Ah, embung ari kitu mah ! . tah geningan kaharti ! cekeng teh , padahal si Oong teh kaya, ku saba manehna teu baleg atuh moal karasa kabagjaan teh sanajan loba haliah dunya ge apanan .

Bandingkeun jeung Si Uko, manehna jalma sangsara, tapi kalakuanana hade sarta boga tanggung jawab gede, naon anu bakal ku anjeu karasa ? barudak melong, hoream mikir meureun , da kalah tumanya” Bakal naon tah mang ? tanyana.

Kuring teu weleh seuri, bari pok ngajawab kapanasaran barudak anu keur nunggu jawaban. “ Enya tinangtu bakal bagja atuh, mun aya pertanyaan, naha bet kitu, da si Uko mah jalma teu boga ? ah   kitu na hirup mah, sabab, di mana – mana jalma boga tanggung jawab na dirina tinangtu bakal tanggung jawab kana perkara anu aya na kahirupanana . Eureun heula , cape da, hayang ngopi , ceu ade na teu dagang da keur reboan alias tolab elmu agama, alus tah, pek tarurutan !

Beuki moho barudak ngadengekeunana’ Tah ku saba tanggung jawab, maka tinangtu, mun teu boga bakal neangan, moal ngarengkol ngadagoan nu di pikahayang turun di langit he he aya eta ge, hujan tea mun pareng usumna mah.

Geus hela nya , cape ! cekeng teh. Ayeuna mah sok wae teruskeun selfie-na , sing balener sarakola meh nagara teh boga pemuda –pemudi jang masa depan anu pinter jeung beragama, anu mana hal kita bakal ngamajukeun bangsa sarta nagara di mata dunia, keun wae kabogoh mah da jauh keneh. Barudak kaciri rada kuciwa, sigana masih panasaran jeung hayang nanya, kuring ge surti , ngan keun wae ke deui urang sambung  sugan aya manpaatna, sugan jadi pngeling –eling hanteu tunggul di parud catang di rumpak, ah ari maneh sinta.

 

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *